selamat datang | « AL FARUQ SUKADANA © » | ₪ Silahkan lihat lihat ₪ ☺ |


Selasa, 07 Januari 2014

pangandika

pangandika gusti alloh ta'ala anu kocak dina qur'an kulu nafsin da iqotul maut
ari hartina lafad eta sagala jelema kabeh geus tangtu ye bakal mati sababna cicing di dunya ngumbara bae
ari pigeusanen balik jalma eta di cawisan ku pangeran enggon anu leuwih mulya sawarga dalapan pangkat jalan na ka sawarga nga gentang panjang
ari lampah 3000 taun eta leuwih lembut batan buuk leuwih seket batan gobang leuwih poek batan peeting leuwih panas batan sene nanjakna 1000 taun datarna 1000 taun turuna oge sarua bae 1000 taun
ari sahandapeun cukang eta ngarana naraka jahannam ngagolak ampul ampulan ti bumi nepika langit ngaguruh kabeh sajagat upama lamun ditenden sarua jeung liang jarum ditenden di alam dunya ancur sakabeh
ari patrol dina cukang eta jumlah na 7 perakara sahiji patrol sahadat lamun sampurna sahadatna tangtu menang liwat jalan lamun na henteu sampurna tangtu tigubrag
langkah pingdo patrol sholat lamun sampurna sholatna tangtu menang liwat jalan lamunna henteu sampurna tangtu tigubrag
langkah ping telu patrol zakat lamun sampurna zakat na tangtu menang liwat jalan lamunna henteu sampurna tangtu tigubrag
langkah pingpat patrol puasa lamun sampurna puasana tangtu menang liwat jalan puasa mun lalawora tangtu tigubrag
langkah pinglima patrol muggah haji lamin sampurna haji na tangtu menang liwat jalan upama geus boga bekel tacan gewat munggah haji sanajan geus jadi haji tacan timu elmu sah na tangtu tigubrag
langkah pingnem patrol adus junub lamun sampurna adus na tangtu menang liwat jalan lamun na henteu sampur na tangtu tigubrag
langkah pingpitu patrol hurmat ka indung rejeng ka bapa rejeung hurmat ka tatangga rejeung na silaturahmi kasana ka kulawarga jeung teu nyacat ka tatangga tangtu salamet
upama menang doraka ti indung rejeung ti bapa nganiaya ka tatangga rejeung na teu silaturahmi kasana ka kulawarga rejeung nyacat ka tatangga tangtu tigubrag
utawi warna ning bapa jumlah na tilu perkara sahiji bapa teges langkah pingdo bapa mitoha kangkah pingtelu bapa anu muruk awak urang jalan agama

1 komentar: